PUPUH WIRANGRONG
Lagu/Rumpaka penambah : H. Yus Wiradireja
Laras : Pelog/Degung
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Barudak mangka ngalarti
Mangka getol mangka tigin
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Barudak mangka ngalarti
Mangka getol mangka tigin
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
intro 
Lamun jalma ngarti surti
  Ngarti tur surti
Jauh tina sifat sombong
  Ulah ... ... sombong ... sombong
Jejerna elmu panemu
  Wawuh kana diri
Tangtu wawuh kana diri       
  Tangtu wawuh kana diri ... hade ahlak
Hade ahlak ka sasama
  aaaaaaa ... nyungsi darajat
Nyungsi darajat utama
  Nyungsi ... darajat .... utama



0 Comments
Berkomentarlah secara wajar !!