DONGENG PEUCANG KEUNA KU LEUGEUT


Kacaturkeun di hiji lembur sisi leuweung aya patani nu rajin tur getol digawe. Ayeuna manehna teh keur melak palawija, kayaning bonteng, terong, cengek jeung sajabana. Pepelakanana aralus tur marulus, kawantu hade omena. Ngan hanjakal, geus sababaraha poe pepelakanana raruksak, pangpangnamah pelak bontengna. Patani  oge nyahoeun yen anu ngaruksak jeung ngaranjah kebon na teh sakadang peucang, sabab kungsi kanyahoan kumanehna.

Patani neangan akal, sangkan kebonna henteu diranjah bae ku peucang.Terus patani teh nyieun bebegig. Lebah aawakanana ditapelan ku leugeut teureup. Eta bebegig teh ditunda ditengah-tengah kebon. 
Pasosore, saperti biasa, peucang teh datang deui ka kebon patani tea. Maksudna rek ngala bonteng.Barang srog ka kebon, manehna teu buru- buru asup, lantaran aya nu ngajanteng di tengah- tengah kebon. Peucang teh nyalingker kana pager. Nyerangkeun nu ngajanteng bari di telek-telek. “Eh geuning teu obah- obah?” Ku peucang di geroan.

”Hey! Sakadang!” ceuk peucang ngagorowok, tapi nu ditengah kebon angger ngajanteng. “Jelema lain eta teh? Geuning make baju? Make dudukuy deuih, Tapi teu obah- obah?“

Lalaunan peucang teh kaluar tina panyumputanana. Terus ngeteyep ngadeukeutan nu ngajanteng tea. Barang geus deukeut tur awas kanu ngajanteng tea, barakatak teh peucang seuri. “Hahahah”. Pokna, ’’Na sia teh nyingsieunan ka aing!’’ Sugan teh manusa,boro aing nyumput. Nanaonan maneh ngajanteng didieu? Dicabok siah ku aing!’’ Ngomong kituna teh bari gaplok bebegig teh dicabok ku suku hareupna anu katuhu. Ari gaplok, ari pel bae sukuna napel kana bebegig tea, kawantu bebegig teh make leugeut teureup.

“Eh siah make jeung newak sagala! Hayang dicabok deui ku aing? Nyaan ieu teh? Nyaan? Hayang di cabok deui ku aing?” Bari gaplok deui bebegig di cabok ku suku hareupna anu kenca. Atuh pel deui kana bebegig.
“Itu geura, nanaonan ari sia! Ieu kalah newak kana suku, hayang di tajong ku aing? Lesotkeun atuh, da tadi mah kuring teh banyol” “Sot, lesotkeun! Bisi ditajong! Eh, nyaan meureun maneh mah hayang di tajong!” Peucang teh ngawahan, gaplok deui bae bebegig teh di tajong sataker tanaga. Ari jebrod ari pel bae napel kana leugeut teureup rapet pisan. Peucang gogorowokan jeung tulung-tulungan. “Tulung tulung.”

Teu lila torojol patani datang. “Beunang siah ayeuna mah nu sok malingan bonteng teh,” ceuk patani. Bari kerewek sakadang peucang di tewak,terus diringkus. Rigidig bae di panggul. Peucang teh dibawa ka imah patani rek di peuncit. 

Mung sakitu nu kapihatur dongeng ti sim kuring, mugi janten panghibur kalbu pangbeberah manah. 
Dicutat : tina Buku Sastra Sunda

Post a Comment

0 Comments